JERITAN ATI SANUBARI ( Pak UT Firdaus )

Hudang tina panineungan diri. Kabur tina karungsing ati..
Mapag wanci nu mustari cunduk waktu nu lumaku..
Keclak ci mata nyalangkrung,
teu kaampeuh maseuhan irung
 Rumasa kanyaah hese rek kedal,nyangked pageuh dina tikoro,
kahalangan nyeletit nu ngukuntit,kapeurih hese rek ingkah .
 Nya ku naon sanajan tos jadi lalakon,
eta kecap mimilu dina baju nafsu,
nutup kalbu sangkan tawadzu .

Hapunten abdi najan kacinta hese rek wakca,,
batin jumerit ka gusti,,

Gusti, Mugi Anjeun maparin lolongkrang Ngawidian abdi ngudag kahayang.
 Nebus napsu numingkang gumiwang,Nu setra tina nista,nu sepi tina karisi .....

Ditulis oleh : Bapak U Taufiq Firdaus

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

PUISI UNTUK GURU SE INDONESIA

SEKECIL APAPUN USAHA KITA ALLAH AKAN APRESIASI ( Ust. Abu Fawwaz Al Athof )

Hadits ujian dan musibah tanda Allah cinta dan sayang kepada kita